SAMBAS MEDIA, BANDUNG – Di antara gedung pencakar langit anu beuki luhur jeung lampu kota anu beuki paur, masih aya sakelompok jalma anu satia ngajaga seuneu. Sanes seuneu anu ngaduruk, tapi seuneu budaya. Ngaranna: MASDA – Majelis Adat Sunda.
Di jaman anu sagala rupa serba gancang, MASDA hadir teu maké senjata, tapi maké iket. Teu maké dasi, tapi maké baju bodas. Teu gumantung kana proyek, tapi hirup tina kawih, siloka, jeung ajaran karuhun.
Tugas Beurat di Jaman Modern
Tugas utama MASDA basajan, tapi teu gampang: ngajaga Tri Tangtu nyaéta Silih Asah, Silih Asih, Silih Asuh.
“Jaman ayeuna mah loba silih sikut. Loba silih dengki. Loba silih tinggalkeun,” saur salah saurang pangurus MASDA.
Kusabab eta, MASDA gugah pikeun ngingetan deui nilai-nilai luhur Sunda. Ngajaga basa Sunda ulah eleh ku basa asing. Ngajaga karuhun ulah poho ku modernisasi. Ngajaga cita-cita Gemah Ripah Repeh Rapih tina bencana serakah jeung poho diri.
Sunda Teu Kolot, Tapi Akar
Sakapeung masih aya anu nyebut budaya Sunda teh “kolot” atawa “ketinggalan jaman”. Jawaban MASDA mah hiji:
“Sunda teh akar. Tanpa akar, tangkalna rubuh.”



























