Pikeun MASDA, kemerdekaan lain saukur ngibarkeun beureum bodas unggal 17 Agustus. Tapi leuwih ti eta, nyaéta ngibarkeun deui jati diri. Jati diri anu diasah ku karuhun jeung dirawat ku generasi ayeuna.
Supaya budak Bandung kiwari teu ngan apal Gedung Sate jeung Tunjungan. Tapi ogé apal Kujang, Calung, jeung Wayang Golek. Apal kana sora tarawangsa jeung makna filosofi batik Sunda.
Budaya Maot = Negeri Tanpa Jiwa
Pesen pangbadagna ti MASDA mah ieu:
“Lamun budaya maot, negeri ieu hirup tapi tanpa jiwa.”
Ku kituna, ayana MASDA lain pikeun mundur ka jaman baheula. Tapi pikeun mastikeun yén urang maju ka hareup, tapi tetep mawa akar. Mawa jati diri.
Dirgahayu Indonesia. Dirgahayu Sunda.
Merdeka!
— Saburo08 Wargakota —
Goresan Sang Penenang.*
(Red)



























