Pamapag tuluy ditepikeun ku pribumi, Bapa Budi, nu ngébréhkeun kabungahna Patrem lumampah méré luang anyar nu béda keur para santrina.
Pamapag dilaju ti Ketua Patrem Ambu Retty Isnendes, bari ngawanohkeun anggota rombonganana, sarta tujuan ieu kagiatan nya éta minangka tarékah Ngipuk minat jeung bakat siswa kana literasi sastra Sunda.
Pamapag diantebkeun Ambu Yooke Cuparmah, salaku pangaping Patrem, nu salawasna ngariksa sangkan Patrem jadi rohangan tumuwuhna sastra, budaya, jeung duduluran. Anjeunna mertélakeun ngeunaan pentingna ngalatih literasi diri pikeun nulis catetan pribadi. Nulis luang pangalaman sapopoé anu karasa, katempo, kacipta. Najan saukur sacarita tapi mayeng dina kabiasaan nu nyata.
Pidangan saterusna, sacara bagilir masing-masing tim Patrem mintonkeun deui rupaning karya sastra Sunda.
Para santri saregep resep ngabandungan hiji-hiji pidangan kalayan gumbira.
Pidangan sastra nu henteu ukur dipintonkeun, tapi ogé dirarasakeun. Unggal anggota mawa warna jeung rasa sorangan.
Pidangan kahiji dibuka dina suasana nu syahdu tur spiritual, diaping ku Ambu Cucu Unisah. Ngaguar pupujian, ku ngajak para santri babarengan réang nadomkeun pupujian anu judulna “Geus Medal Bulan Purnama”, beunangna Yus Rusyana.
