Nyutat tina kamandang Prof. Dr. H.Yus Rusyana (budayawan Sunda), ngeunaan kagiatan pembelajaran, ku Eulis eta konsepna dilarapkeun tur dipatalikeun kana etika atanapi tatakrama Sunda, nyaeta;
1. Tatakrama jasmani (misalna lungguh timpuh andalemi)
2. Tatakrama rohani (misalna paribasa jeung babasan: silih asah silih asih, silih asuh, clik putih clak herang, bobot pangayon timbang taraju, dibeuweung diutahkeun, leuleus jeujeur liat tali)3. Tatakrama pancaindra(babasan: tiis ceuli herang mata)
4. Tatakrama dina kabahasaan (babasan: hadé gogog hadé tagog, basa mah teu meuli)
5. Tatakrama ka alam fisik (ngamanfaatkeun alam keur ibadah)
6. Tatakrama ka alam hayati (tutuwuhan, sasatoan) kucara henteu ngaruksak habitat alam henteu ngaganggu ekosistem: rea ketan rea keton
7. Tatakrama di masyarakat (pupuh pucung : Utamana jalma kudu rea batur- keur silih tulungan- silih titipkeun nya diri-budi akal lantaran papada jalma)
8. Tatakrama dina budaya, ngajenan dina hal: pakasaban, peralatan, pangaweruh, tradisi/organisasi sosial, kasenian, basa
9. Tatakrama dina kahirupan beragama (toleransi beragama)
Dina enas-enasna, tatakrama Sunda ngasongkeun konsep hirup luyu jeung parentah agama nyaeta “Nyarek salah, nitah bener”. ninggang dina paribasa “Ucap lampah poma salah, Salah buahna tugenah”.
#sundapisan#