Menu

Mode Gelap
Sepekan Mengejar Imunisasi Periode Hari Kemerdekaan Republik Indonesia Nurani Wargakota Bandung Luncurkan Buku ‘215 Tahun: Masjid Agung Kita’ Ajak Gotong Royong Jaga Rumah Allah Elemen Masyarakat Bersatu Kawal Masjid Agung Bandung, Kepentingan Umat Jadi Prioritas Monitoring dan Penyerahan Bantuan Beras Sejahtera Daerah Termin II Tahun 2026 Penanaman Pohon Pengganti dalam Rangka Penataan Gerbang Depan RSUD Cibabat Warga Kota Bandung Desak Transparansi PPJ 3%: Defisit 102 Miliar, Minta Pemkot Taat Perda dan Buka Dashboard

Artikel

PASASA PATREM 2026 (Ngaraksa Aksara, Nyuburkeun Rasa di Lembur Organik Cikancung)

badge-check

PASASA PATREM 2026 (Ngaraksa Aksara, Nyuburkeun Rasa di Lembur Organik Cikancung) Perbesar

Ku: Eulis Saputra

SAMBAS MEDIA – Aya waktuna hiji lalampahan henteu ngan ukur nyorang jarak, tapi ogé ngambah rasa. Aya silaturahmi anu henteu ukur ngahijikeun jalma, tapi ngahirupkeun jiwa. Kitu rasa nu kasorang ku kulawarga ageung PATREM (Paguyuban Sastrawati Sunda) dina kagiatan PASASA (Patrem Saba Sakola) ka Rumah Tahfiz Al Fallah, nu aya di Kampung Cilopang, Désa Mekar Laksana, Kacamatan Cikancung, Kabupaten Bandung, Minggu, 10 Méi 2026.

Rumah Tahfiz Al Fallah téh aya dina kawasan Pusat Pelatihan Pertanian dan Pedesaan Swadaya (P4S) Kebun Organik Bumi Mekar Laksana, hiji tempat nu henteu ngan ukur ngaraksa élmu agama, tapi ogé ngahijikeun hikmah kahirupan jeung kawijaksanaan alam.

Tempatna nyumput di tengah pagunungan Cikancung nu asri, tempat angin ngahiliwir mawa kasaput ibun, tatangkalan ngibing ku wirahma alam, sarta tuyunan héjona tatangkalan nyugemakeun panon jeung angen.

Sapanjang lalampahan, paneuteup teu kaur nanceb. Ébat ku titingalan ti luhur puncak Cikancung, katara Bandung kawas dipangku ku jajaran pagunungan. Jalan nanjak mudun lir wirahma kahirupan: aya tanjakan perjuangan, aya turunan pangharepan.

Pikeun para wanoja Patrem anu haténa raket jeung dunya aksara, unggal lengkah lir nyieun paragraf anyar dina buku kahirupan.

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Baca Lainnya

Koreksi terhadap Kebijakan Pendidikan di Jabar Tentang Sekolah Maung

14 Juni 2026 - 15:00 WIB

Konsumsi 4 Asupan Ini agar Tetap Sehat Pasca Idul Adha

28 Mei 2026 - 23:01 WIB

Persib sebagai Identitas Historis Bandung

20 Mei 2026 - 10:00 WIB

FKSS Jabar: Sekolah Maung Berpotensi Menciptakan Diskriminatif dalam Dunia Pendidikan

27 April 2026 - 11:00 WIB

Ti Jepara ka Mancanagara

21 April 2026 - 09:48 WIB

Trending di Artikel