Kitu deui tatar Sunda, sumanget sarupa éta nitis dina diri Raden Dewi Sartika. Anjeunna ibarat mata cai kahadean, ngalirkeun élmu ka para wanoja Sunda, ngajadikeun sakola minangka tempat nyiar cahya. Dina haténa aya kayakinan yén ngadidik wanoja téh sarua jeung ngawangun umat. Sabab tina rahim awéwé anu shalihah, lahir generasi anu kuat iman jeung akhlakna.
Aya deui Raden Ayu Lasminingrat, anu nyerat lain saukur kecap, tapi nyulam hikmah dina unggal kalimah. Anjeunna ngajarkeun yén kalam téh bisa jadi jalan dakwah, yén kecerdasan téh kudu dibarengan ku kasucian niat. Lir obor dina peuting nu mongkléng, anjeunna nyaangan jalan, sangkan wanoja Sunda teu leungit arah dina kahirupan dunya jeung akhirat.
Dina jaman kiwari, wanoja téh disanghareupkeun kana rupa-rupa ujian: kamajuan téhnologi, kabébasan tanpa wates, jeung godaan dunya anu mindeng ngaapilainkeun adab kasopanan.
Tapi ti para karuhun wanoja éta, urang diajar yén emansipasi lain hartina leupas tina aturan, tapi mampuh nangtung pageuh dina tuntunan agama.
