Menu

Otomatis
Breaking News

Artikel

Miris!! 10 Bulan Guru SMP Pasundan 2 Garut Tacan Meunang Gajih, di Mana Tanggung Jawab Paguyuban Pasundan?

badge-check

Miris!! 10 Bulan Guru SMP Pasundan 2 Garut Tacan Meunang Gajih, di Mana Tanggung Jawab Paguyuban Pasundan?Perbesar

SAMBAS MEDIA – Ngawangkong jeung Ai Nurliah, S.Pd., M.Pd nu kakara sabulan dijungjung lungguh jadi Kepala SMP Pasundan 2 Garut, Saptu (14/02/2026), dina sela-sela kagiatan Lomba Ketangkasan Anggota Pramuka sajawa Barat nu diayakeun ku SMK Pasundan 2 Garut, mungguh pikawatireun.

Jumlah sagemblengna murid SMP Pasundan 2 Garut kiwari ngan ukur aya 20 urang, ngawengku kelas 7, kelas 8 jeung kelas 9. Ku sabab kitu,” Balaka wae guru SMPN Pasundan 2 Garut nu jumlahna 11 urang dugi ka ayeuna tos meh 10 sasih, teu acan nampi gajih, teu acan nampi honor ngajarna,” ceuk Ai bangun sedih.

Inyana nyebutkeun rumasa sakola nu dipupuhuanana tacan aya prestasi nu nyongcolang. Najan kitu, ieu sarjana Pendidikan Matematika di Institut Pendidikan Indonesia (IPI), Garut, lulusan taun 2012 teh, rek satekah polah ngaronjatkeun kualitas pendidikanna. “Guru sareng guru, guru sareng pingpinan, kedah silihayunkeun kanggo kamajuan pendidikan,” pokna.

Ai, lulusan S2 di IPI Garut nu baris diwisuda bulan Juni 2026 teh, ngarasa yakin, optimistis, udagan mapakan sakola swasta sejen dina layanan kualitas pangajaran jeung euyeubna jumlah siswa, baris cumpon. “Koncina guru, pingpinan sareng karyawan, babarengan najeurkeun disiplin,” pokna. Patali jeung nyanghareupan SPMB/PPDB taun ajaran 2026/2027, dirina rek metakeun jurus sejenna, ngadeukeutan para tokoh jeung sakumna masarakat di sabudeureun lingkungan sakolana, diperedih tulung bantuna pikeun milu ngembangkeun SMP Pasundan 2 Garut.

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Belum ada komentar disini
Jadilah yang pertama berkomentar disini
Baca Lainnya

Stop Politisasi Dana Hibah! Rakyat Tolak Ambulans Ditempel Wajah Pejabat

21 Agu 2026 - 16:00 WIB

Stop Politisasi Dana Hibah! Rakyat Tolak Ambulans Ditempel Wajah Pejabat

TANPA AKAR TANGKALNA RUBUH, MASDA: Ngajaga Seuneu Budaya Sunda di Tengah Modernisasi

17 Agu 2026 - 18:07 WIB

TANPA AKAR TANGKALNA RUBUH, MASDA: Ngajaga Seuneu Budaya Sunda di Tengah Modernisasi

Koreksi terhadap Kebijakan Pendidikan di Jabar Tentang Sekolah Maung

14 Jun 2026 - 15:00 WIB

Koreksi terhadap Kebijakan Pendidikan di Jabar Tentang Sekolah Maung

Konsumsi 4 Asupan Ini agar Tetap Sehat Pasca Idul Adha

28 Mei 2026 - 23:01 WIB

Konsumsi 4 Asupan Ini agar Tetap Sehat Pasca Idul Adha

Persib sebagai Identitas Historis Bandung

20 Mei 2026 - 10:00 WIB

Persib sebagai Identitas Historis Bandung
Trending di Artikel