“Target calon murid anyar udagan mah sing tiasa saseueur-seueurna,” pokna. Luyu jeung Suluk Pasundan, Pengkuh Agamana, Luhung Elmuna jeung Jembar Budayana, udagan ngaronjatkeun ajen inajen kualitas pendidikan nu jadi garapan Ai, nyaimbangkeun atikan Iptak jeung Iptek.
“Ngamangpaatkeun fasilitas rohangan diajar nu tumaninah, dilengkepan ku sarana computer sareng rohangan laboratorium sains, rohangan perpustakaan, lapangan olahlara nu lega, mugia kapayunna sakumna siswa didik tiasa nguliat deui prestasina, muridna langkung euyeub,” pokna.
Nyarita soal ekstrakurikuler, sagala nyampak, boh wangun seni budaya jeung olahraga. Ngan, diaku ku Ai, dirina geus peupeujeuh ka guru prakarya, diperedih dina praktek eskul, tong loba teuing program garapan. “Cukup hiji atawa dua karancagean we, nu penting barudak motekar sareng kreatif, upaya ngaronjatkeun inovasi sareng nepakeun imajinasi wangun kreatifitas tina pilihan eskulna, pan udagan ngarah sakola nonjol tea,” pokna.
Kumaha komentar ti Yayasan Pendidikan Dasar dan Menengah (YPDM) Pasundan ngeunaan guru SMP Pasundan 2 Garut tepi ka 10 bulan can narima honor ngajar? “Ke bade dibadantenkeun sareng pangurus yayasan nu sanesna,” ceuk Ketua YPDM Pasundan, Prof. Dr. H. Dadang Mulyana, M.Si.*
Sumber : Galura
(Red)

























